Pralaya

Dina Basa Sunda aya kecap perlaya, pihartieunna maot. Aya papatah samodél kieu: ulah gugur méméh tempur, ulah perlaya méméh perang. Dina tingkatan kecap, perlaya nuduhkeun konotasi anu luhur lamun dibandingkeun jeung maot atawa binasa. Biasana ditujukeun keur jalma anu gugur di médan laga.

Kecap ieu mangrupa serapan tina Basa Sansekerta, Pralaya. Dina ajaran Hindu, Pralaya boga harti sarua jeung Qiyamat atawa Armageddon. Pralaya hartina alam dunya pareum atawa paéh, kusabab ieu alam geus kolot.

Kecap perlaya nuduhkeun ka jalma anu gugur di medan laga kusabab Pralaya ogé dihartian perang. Dina sajarah Nusantara, kungsi aya kajadian Pralaya Medang dina abad ka-8.

Kang Warsa - Caca Danuwidjaya


Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.

Posting Komentar untuk "Pralaya"