Headline 5

Tilu kecap di luhur mangrupa kecap-kecap anu saharti, biasa disebut sinonim. Geus ngadarahdaging dina kahirupan masarakat Sunda, nuduhkeun kana tingkatan kasar jeung lemes. Lamun disaliksik, kecap ngaran mangrupa kecap azali anu geus digunakeun ku masarakat Sunda buhun, dicokot tina kecap "aran" anu boga harti sebutan. Kadieunakeun diadopsi jadi Basa Sansekerta.

Wasta ogé sarua, boga harti 'nami' atawa sebutan keur bentuk jeung rupa. Ieu kecap dicokot tina Basa Sansekerta. Tah lamun nami, kecap lemes tina ngaran, lamun dina basa séjén disebut: name (Inggris), nama (Indonesia), jeung nomen (Latin). Asal tina Basa India, naman, boga harti rupa keur mintonkeun substansi diri. 

Tilu kecap di luhur -dina mangsa kiwari- digunakeun ku masarakat dunya keur nuduhkeun sebutan kana tiap barang utamana sebutan keur 'label' jalma. Dina Basa Arab mah disebut ismun: bentuk jeung rupa, sok sanajan dina élmu nahwu dihartikeun jadi kecap barang.

Kang Warsa - Caca Danuwidjaya


Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.

Posting Komentar untuk "Headline 5"