Aseupan

Dina Basa Sunda aya kecap seupan, kabéh ogé apal seupan téh pihartieunna ngasakan hal ku saabna cai anu dipanaskeun. Parabot dapur keur nyeupan disebut aseupan. Morfologi kecapna -bisa jadi- dicatut tina kécap "asap" hartina haseup. Nuduhkeun kana waruga saab cai kawas haseup.

Dina Disertasina, Kang Jamal nyebutkeun, pakakas atawa parabot dapur anu dipaké sapopoé di masarakat Sunda nuduhkeun kana wawakil lingga jeung yoni, dijieunna pakakas jeung parabot mangrupa proyéksi tina pasifatan feminin jeung maskulin anu aya di ieu alam.

Aseupan - méméh taun 90-an mah- geus pasti dipiboga ku masarakat anu aya di Tatar Sunda, dipaké sapopoé keur nyangu atawa ngasakan kadaharan anu biasa diseupan. Bolu Kukus ogé baheula mah biasa dijieun dina aseupan, sanggeus asak tuluy dikeureutan. Dodongkal ogé dijieunna dina aseupan.

Geus jarang dina mangsa kiwari masarakat anu ngagunakeun aseupan, sééng, jeung hawu dina nyangu da geus kalindih ku mejikom jeung kompor gas. 

Kang Warsa - Caca Danuwidjaya


Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.

Posting Komentar untuk "Aseupan"